Ads 720 x 90

Hukum Nun Paeh Sareung Tanwin

Ari hukum nun paeh sareng tanwin kabagi opat bagian :
  1. Idhar Halqi 
  2. Idghom 
  3. Iqlab 
  4. Ikhfa

IDHAR / JELAS 

Bagian kahiji tina hukum Nun Paeh sareng Tanwin nyaeta Idhar Halqi, hartina nyaeta ngajelaskeun huruf anu aya dina tenggorokan, hurufna aya 6 nyaeta :
  1. ء 
  2. هـ 
  3. ع 
  4. ح 
  5. خ 
  6. غ 
Conto : 

No
Huruf
Sakalimah
Dua kalimah
Tanwin
1.
ء
يَنْئُـوْنَ
اِنْ اَنْــتُمْ
عَذَا بٌ اَلِيْمٌ
2.
هـ
تَنُهِـمْ
اِنْ هُــوَ
سَلاَمٌ هِىَ
3.
ع
اَنْعَمْتَ
وَاِنْ عُـدْ نَا
سَمِيْعٌ عَلِيْمٌ
4.
ح
يَنْحُـوْنَ
فَاِنْ حَا جُّوْكَ
عَزِيْزٌحَكِيْمٌ
5.
غ
يُنْغِظُوْنَ
مِنْ غِــلٍ
عَزِيْزٌ غَفُوْرٌ
6.
خ
اَلْمُنْخَنِقَةُ
مِنْ خَيْرٍ
يَوْمَئِذٍخَاشِعَةٌ

Kasimpulan : Ngaran Idhar Halqi nyaeta dimana-mana Nun Paeh atawa Tanwin mayunan salasahijina huruf Idhar Halqi anu genep kalawan macana kudu di jelaskeun Nun Paehna atawa Tanwinna, saperti lapad : مَنْ ا مَنَ dibacana Man Aamana, رَسُوْلٌ امِيْن dibacana Rosuulun Aamiin. sareng sajabana. Pangna dibaca Idhar Halqi? sabab Nun Paeh mayunan huruf Idhar Halqi, atawa sabab Tanwin (jabar, pees, jeer) mayunan huruf Idhar Harqi.

IDGHOM / NGASUPKEUN 

Bagian kadua tina hukum Nun Paeh sareng Tanwin nyaeta Idghom, hartina nyaeta ngasupkeun Nun Paeh atawa Tanwin kana salasahiji huruf Idgom, hurufna aya 6 anu di kumpulkeun dina lapad “Yarmaluuna” ( يَرْمَـلُوْنَ ).
  1. ي 
  2. ر 
  3. م 
  4. ل 
  5. و
  6. ن
Ari Idghom dibagi dua bagian :

1. Idghom Ma’al Ghunnah

Hurufna aya 4, anu di- kumpulkeun dina lapad :
( يَنْمُوْ ) 1. ي 2. ن 3. م 4.و
Conto :

No
Huruf
Sakalimah
Dua kalimah
Tanwin
1.
ى

وَمَنْ يَّفْعَل
خَيْرًا يَّرَهُ
2.
ن

مِنْ نُّوْ رٍ
يَوْمَئِذٍ نَّا عِمَة
3.
و

مِنْ وَّارَائِهِـمْ
غِشَاوَةٌوَّلَهُمْ
4.
م

مِنْ مَّقَـامٍ
عَدُوٌّمُّبِيْن

Kasimpulan : Ngaran Idghom Ma’al Ghunnah nyaeta dimana-mana Nun Paeh atawa Tanwin mayunan salasahijina huruf Idghom Ma’al Ghunnah anu opat kalawan macana kudu diasupkeun nun paeh atawa tanwinna kana huruf Idghom Ma’al Ghunnahna sarta make ghunnah / dengung, ( diasupkeun kana puhu liang pangambung ). saperti lapad : مَنْ يَّقُوْلُ dibacana Mayyaquulu, atawa lapad : غِشَاوَةٌوَّلَهُـمْ dibacana Ghisyaawatuwwalahum, jeung sajabana. Pangna dibaca Ighom Ma’al Ghunnah ? Sabab nun paeh mayunan Huruf Idghom Ma’al Ghunnah, atawa Tanwin mayunan Huruf Idghom Ma’al Ghunnah.

2. Idghom Bila Ghunnah

hurufna aya dua nyaeta :
Lam ( ل ) sareung Ro ( ر )
Conto :

No
Huruf
Sakalimah
Dua kalimah
Tanwin
1.
ل

اَنْ لَّوْيَشَآءُ
يَوْمَئِذٍ لَّخَبِيْرٌ
2.
ر

مِنْ رَّبِّهِمْ
تَوَّابٌ رَّحِيْمٌ

Kasimpulan : Ngaran Idgom Bila Ghunnah nyaeta dimana-mana Nun Paeh atawa Tanwin mayunan salasahiji huruf anudua kalawan macana kudu diasupkeun Nun Paeh atawa Tanwinna kana huruf Idghom Bila Ghunnahna kalawan teu make Ghunnah, saperti lapad : مِنْ رَّبِّهِمْ dibacana Mirrobbihim, atawa lapad : غَفُوْرٌرَّحِيْمٌ dibacana Ghofuururrohim, jeung sajabana.
Pangna diba Idghom Bila Ghunnah ? sabab, Nun Paeh mayunan huruf Idghom Bila Ghunnah, atawa Tanwin mayunan huruf Idghom Bila Ghunnah.
Catatan : Dina Idghom ( Idghom Ma’al Ghunnah atawa Idghom Bila Ghunnah ) ayana teh ngan dina dua kalimah wungkul, ari dina sakalimah heunteu aya. Jadi lamum aya Nun paeh dina sakalimah mayuna huruf Idghom, maka macana kudu diidharkeun, Nya sok dingaranan Idhar Idghom.
Pangna disebut Idhar ? sabab dina macana kudu diidharkeun / dijelaskeun,
pangna disebut Idghom ? sabab Nun Paeh mayunan huruf Idghom,
pangna disebut Idhar Idghom? sabab Nun Paeh mayuna huruf Idghom ayana dina sakalimah.
Conto saperti lapad : دُنْيَا dibacana Dunyaa, teu minang dibaca Duyyaa. Atawa lapad : صِنْـوَانٌ dibacana Shinwaanun, teu meunang dibaca Shiwwanun.

IQLAB / NUKEURKEUN 

Bagian katilu tina hukum Nun Paeh sareng Tanwin nyaeta Iqlab hartina nukeurkeun (ngagantikeun) Nun Paeh atawa Tanwin kana MIM anu paeh. Hurufna aya hiji nyaeta BA ( بَ ) Conto : 
No
Huruf
Sakalimah
Dua kallimah
Tanwin
1.
ب
اَنْبَاءٌ
مِنْ بَعْضِهِمْ
سَمِيْعٌ بَصِيْرٌ
Kasimpulan : Ngaran Iqlab nyaeta dimana-mana Nun Paeh atawa Tanwin mayunan huruf Iqlab anu hiji kalawan macana kudu ditukeurkeun / digantikeun Nun Paeh atawa Tanwinna kana Mim paeh dina pembacaannana. saperti lapad : اَنْـبَآءٌ dibacana Ammbaaun, atawa lapad : مِنْ بَعْدِ dibacana Mimmba’di.

IHFA / NYAMARKEUN

Bagian kaopat tina hukum Nun Paeh sareng Tanwin nyaeta Ikhfa hartina nyamarkeun Nun Paeh atawa Tanwin kana salasahijina huruf Ikhfa. Ari huruf Ihfa sadayana aya 15, kabagi 3 bagian :

1.) Ihfa Aqrob 

hartina nyamarkeun anu deukeut , hurufna aya 3, nyaeta :
  1. ت 
  2. ط 
  3. د 
Conto :

No
Huruf
Sakalimah
Dua kalimah
Tanwin
1.
ت
اَنْتُمْ
مِنْ تِلْقَاءِ
مِن ْنِّعْمَةٍ تُجْزا
2.
ط
قِنْطَارًا
مِنْ طَـيِّـبَةٍ
عَزِيْزٌجَبَّارٌ
3.
د
اَنْدَا دًا
مِنْ دُوْنِ اللهِ
رَافَةٌ فِى دِيْنِكُمْ
Kasimpulan : Ngaran Ikhfa Aqrob nyaeta dimana-mana Nun Paeh atawa Tanwin mayunan salasahiji huruf Ikhfa Aqrob anu tilu kalawan macana disamarkeun deukeut kana idghom anu kosong tina tasydid sarta tetep make ghunnah dina Nun Paeh atawa dina Tanwinna. 
Cara macana : Ihfa Aqrob, deukeut kana Idghom tegesna dina ngaghun -nahkeunnana kudu panjang, sabab makhroj anu 3 (huruf Ihfa Aqrob) deukeut sareng makhroj nun paeh atawa tanwin

2.) Ikhfa Ab’ad 

hartina nyamarkeun anu jauh, hurufna aya 2, nyaeta QOF sareng KAF.
Conto :

No
Hruf
Sakalimah
Dua kalimah
Tanwin
1
ق
اَنْقَضَ
مِنْ قَبْـلُ
شَيْئ ٍ قَدِيْرٌ
2
ك
مِنْكُمْ
مَنْ كَانَ
قَوْلاً كَرِيْمًا
Kasimpulan : Ngaran Ikhfa Ab’ad nyaeta dimana-mana Nun Paeh atawa Tanwin mayunan salasahiji huruf Ikhfa Ab’ad anu dua kalawan macana disamarkeun deukeut kana idhar anu kosong tina tasydid sarta tetep make gunnah dina Nun Paeh atawa Tanwinna. 
Cara macana : Ihfa Ab’ad, nyaeta deukeut kana Idhar tegesna dina nga- ghunnahkeunnana kudu pondok, sabab makhroj ( ق, ك/ huruf Ihfa Ab’ad) pajauh sareng makhroj nun paeh atawa tanwin. 

3.) Ihkfa Ausath 

hartina nyamarkeun anu pertengahan, hurufna aya 10 nyaeta :
  1. ص 
  2. ذ
  3. ث 
  4. ج 
  5. س 
  6. ش 
  7. ز
  8. ف 
  9. ض
  10. ظ 
Conto :

No
Huruf
Sakalimah
Dua kalimah
Tanwin
1
ص
فَيَنْصُرْكُمْ
اَنْ صَدُّوْكُمْ
رِيْحًا صَرْصَرًا
2
ذ
وَمُـنْذِرٌ
مِنْ ذِكْـرٍ
سِرَاعًا ذَالِكَ
3
ث
مَنْـثُوْرٌ
مِنْ ثَمَرَةٍ
جَمِيْعًا ثُمَّ
4
ج
فَأَنْجَيْنَكُمْ
اَنْ جَاءَكُمْ
شَيْئًا جَزِيْلاً
5
س
وَمِنْسَأَتَـهُ
اَنْ سَلاَمٌ
عَظِيْمٌ سَمَّاعُْوْنَ
6
ش
وَيُنْشِئُ
لِنَفْسٍ شَيْئًا
مِثْقَالَ ذَرَّةٍ شَرًّا
7
ز
وَاَنْزَلْـنَا
فَاِنْ زَلَلتُمْ
يَوْمَئِذٍ زُرْقًا
8
ف
فَانْفِـرُوْا
وَاِنْ فَاتَكُمْ
خَالِدًافِيْهَا
9
ض
مَنْضُوْدٌ
فَاِنْ ضَلَلْتُمْ
كُلاًّ ضَرَبْنَـا
10
ظ
وَيَنْظُرُوْنَ
اِنْ ظَـنَّا
ظِلاًّ ظَلِيْلاً
Kasimpulan : Ngaran Ikhfa Ausath nyaeta dimana-mana Nun Paeh atawa Tanwin mayunan salasahiji Ikhfa Ausath anu 10 kalawan macana disamarkeun antara Idhar sareng Idghom anu kosong tina tasydid sarta tetep make ghunnah dina Nun Paeh atawa Tanwinna. 
Cara macana : Ihfa Ausath, nyaeta antara Idhar sareung Idghom, sabab makhrojna anu 10 ( huruf Ihfa Ausath ) tengah – tengah sareung makhroj Nun Paeh atawa Tanwin.

Hasilkan konten-konten terbaikmu dan berkualitas dengan kegiatan-kegiatan di luar anda. Raih hadiah atau imbalan yang dibayar dengan uang Di App WhatsAround.

Unduh WhatsAround!!!

Related Posts

Subscribe Our Newsletter
iklan

Suka Pakai Kaos?

Ingin tampil Casual tapi tetep Religius? Solusinya ini Kaos Dakwah Islami dengan ratusan desain bertema islami yang tentunya sangat nyaman kamu pakai.

Cocok buat hadiah atau baju lebaran nanti.

Kunjungi Situsnya Sekarang